Contoh Naskah Drama raden kian santang

Contoh Naskah Drama raden kian santang - Kami akan sampaikan disini Contoh Naskah Drama raden kian santang lengkap sekali sehingga anda bisa mendapatkan Contoh Naskah Drama raden kian santang dini selengkapnya dan tentunya ini akan bisa menjadi Contoh Naskah Drama raden kian santang untuk pertunjukan anda dan tentunya Contoh Naskah Drama raden kian santang ini akan bisa menjadi salah satu prestasi anda disaat anda melakukan Drama dengan teman-teman anda dipentas. Ini adalah salah satu Contoh Naskah Drama raden kian santang terbaik yang bisa kami posting dan bisa menjadi pelajaran yang sangat berguna sekali karena Cerita Contoh Naskah Drama raden kian santang ini sangat menyentuh hati, kocak dan sangat menyenangkan sekali saat dipentaskan dengan teman-teman nantinya.

Untuk itu dapatkan Contoh Naskah Drama raden kian santang ini disini yang kami berikan lengkap sehingga bisa menjadi pertunjukan yang sangat bagus sekali, dan anda akan mendapatkan nilai bagus untuk Contoh Naskah Drama raden kian santang ini, lengkap sekali Contoh Naskah Drama raden kian santang ini dan pastinya kamu semua akan puas dengan Contoh Naskah Drama raden kian santang tersebut, dan untuk untuk itu langsung dapatkan Contoh Naskah Drama raden kian santang dibawah ini yang sobat semua.

 RADEN KEYAN SANTANG
(Pangaub Paturay Tineung SMAN 12 Garut)


Ku: Gun Gun Nugraha

BUBUKA

Sanggar Seni SMAN 12 Garut nyukcruk catur para karuhun, mapay laratan carita baheula. Mangsa Ki Sunda digjaya. Tatar Sunda Abad ka-16 nalika dinarpatian ku raja linuhung, nu ka mashur ka awun-awun, kakoncara ka janapria, arif tur wijaksana, pageuh tur kukuh kana purbatisti purbajati. Kana talari paranti jeung ajaran luluhur. Narpati nu katelah Prabu Siliwangi.
            Prabu Siliwangi kagungan putra bungsu ti Nyi Subang Larang, katelah Raden Sagara alias Keyan Santang. Anjeunna kenging atikan sareng didikan sapinuhna; nyerep tur ngancik ka dirina ti ramana. Kumargi eta, Raden Keyan Santang ngajanggelek jadi rumaja putra, nu sakti mantra guna. Awak sambada belekesentreng pait kulit Pahang tulang. Hanjakal boga sikep sombong, takabur, asa ieuh aing uyah kidul. Wilujeng nyakseni!

(RAJAH)

KEYANG SANTANG:
 Aing ayeuna geus tamat diajar rupa-rupa elmu, timimiti elmu Seni Budaya, Geografi, Kimia, Biologi, jeung sajabana. Elmu kagagahan ti Rama geus kacekel kabeh. Otak aing geus pinuh ku rupa-rupa pangaweruh. Aing henteu teurak ku pakarang, tara raheut-raheut acan. Nepika ayeuna aing mah can nenjo getih sorangan. Tapi naha enya ari diajar elmu aya tamatna? Naha enya aing teh panggagahna? Ah, aing panasaran. Aing rek ngalalana, rek nyiar elmu pangaweruh. Sugan bae aya keneh elmu anu aing tacan nyaho!.

KOOR:
Keyan Santang ngajajal jalan kahirupan,
keur manggihkeun  dirina.
Pikeun ngalawan napsuna,
nu nalikung jiwa kamanusaanana.
Sajatina manusa: taya kakuatan jeung kakawasaan

(KEYAN SANTANG LUNTA KALUAR TI KARATON. TIAP PADEPOKAN DIDATANGAN, NEPIKA DI SATENGAHING JALAN, KAJADIAN TARUNG PATUTUNGGALAN JEUNG PARA JAWARA TI PAKIDULAN.
TAPI EUWEUH NU BISA NGAYONAN)

KEYAN SANTANG:
Hahaha…….! Arandika nya teu apal, saha ari kaula?
Yeuh, kaula nu katelah Keyan Santang. Putra mahkota Padjajaran!

PARA JAWARA:
Hah???!!! Mundur!!!!!!

KEYAN SANTANG:
(SEURI SINIS)

KOOR:
Putra Mahkota mapay laratan beja,
nu dibawa ku angin nu ngadalingding.
Lumampah nyorang wates beurang jeung peuting.
Lumampah turun gunung, unggah gunung.
Meuntas sagara. Seja datang ka sesepuh agung
di tempat lalungsurna para Nabi.

BAGENDA ALI:
Saha jenengan hidep teh? Bade angkat kamana?

KEYAN SANTANG:
Kaula hayang tepung jeung nu ngaran Bagenda Ali atawa Sayidina Ali! Rek ngajajal elmuna. Cenah manehna teh jawara di ieu tempat.

BAGENDA ALI:
 Euh, ari kitu mah hayu atuh dijajapkeun ku mama (LEUMPANG). Aeh, iteuk mama tinggaleun. Tuh geningan nanceb. Punten, pangnyandakkeun!
(KEAN SANTANG BALIK DEUI, BARANG TEPI ITEUK TEH DI JEWANG. TAPI PAGEUH. TULUY DICABUT DITANAGAAN, SATEKAH POLAH, TAPI TEU UGET-UGET ACAN. NEPIKA REY BIJIL KESANG BADAG, KESANG LEMBUT. NU TETELA NU BIJIL TEH GETIHNA SORANGAN)

BAGENDA ALI:
 Naha  nyandak iteuk teh lami-lami teuing?
(NYAMPEURKEUN KEAN SANTANG)

KEYAN SANTANG:
 Aduh mama, abdi teu tiasa nyandak ieu iteuk!

BAGENDA ALI:
Majar palay ngadu jajaten sareng Bagenda Ali. Gening nyabut iteukna oge henteu kaduga!

KEYAN SANTANG:
Mama! Hapunten abdi.

BAGENDA ALI:
Hehehehe….!Kasep, nya kaula pisan nu dipilarian ku hidep teh.

KEYAN SANTANG:
Hah?!Salira teh Bagenda Ali?

BAGENDA ALI:
(UNGGEUK)

KEYAN SANTANG:
Hapunten abdi Mama! Abdi tos kumawantun ka salira!

BAGENDA ALI:
 Sawios, kasep! Mung hidep kedah emut! Poma dina sajeroeun manah, teu kenging ka ancikan rasa ujub, ria jeung takabur. Sombong, adigung adiguna. Sajabi ti Allah teu senengeun ka jalmi anu kitu teh. Dina pasualan pangaweruh mah. Di luhur langit aya langit deui. Urang ngarasa jago teh, pedah wae ukur ngubek di lembur sorangan. Cobi upami lunta mah, tangtos aya nu leuwih luhung ti batan urang. Dunya teh masih lega, pikeun disorang. Langit mun rek disungsi, ngablag taya watesna.  Diri lir siki sasawi mun ti jomantara ditinggali.

KOOR:
Rahmat Allah nyusup kana sukmana,
Islam ngancik kana atina.
Lalampahan katukang jadi eunteung
pikeun balayar ka alam nu bakal kasorang.
Raden Sagara…Raden Keyan Santang.
Salin jinis jadi Syeh Rohmat Suci.

BAGENDA ALI:
Keyan Santang!Mama aya picaritaeun ka hidep!

KEYAN SANTANG:
Sumangga Mama, bade aya picarioseun naon? (SIKEPNA AJRIH)

BAGENDA ALI:
Kieu, ayeuna hidep tos waktosna mulih ka pulo Jawa. Pikeun nyebarkeun agama Islam! Tapi, samemeh hidep mulih, mama rek ngawaris ngaran kaIslaman. Hartina hidep geus resmi jadi panganut agama Islam. Jeung wajib ditepieun ka nu sejen. Amalkeun ku hidep dina kahirupan sapopoe. Sabab, Islam lain ngan sakadar ajaran nu kudu apal wungkul. Tapi pikiran, hate jeung laku lampah oge tong leupas tina kaIslaman. Agama tong dijadikeun kedok, pikeun nyieun karuksakan di ieu dunya. Komo deui dijieun alat pulitik mah. Islam lungsur pikeun manusa silih asih jeung sasama, lain silih dedetkeun, lain ngarasa diri pangsucina ti golongan sejen. Jeung poma mun jaga hidep jadi pamingpin, sing nyaah ka rahayat nu can jadi pagawe nagara. Karunya, gawe sarua ari kasajahteraanna mah beda.

SORA TAMPA KATINGGALAN :
Heup, Bagenda Ali! Ulah ngabahas wae kasahjeteraan. Sapanjang nyawa masih cicing dina kurungan mah, ulah surut pangharepan. Di mana-mana oge ngaran-ngaran sukarelawan mah, kudu loba puasa. Kudu yakin tur sabar, ku mindengna  puasa mah tangtu jiwa jeung raga hiji jalma bakal sakti mantra guna. Saciduh metu, saucap nyata. Jeung pangbejakeun ku anjeun, Keyan Santang! Ka para Kuwu sa-Tatar Sunda, nu geus diparilih kamari ku rahayat. Omat! Kabudayaan jeung kagiatan usaha pamuda asupkeun kana palaturan Desa, kituh!
(BAGINDA ALI JEUNG KEYAN SANTANG TARANGGAH KA LANGIT)

BAGINDA ALI:
Leres pisan kaula Nun!!! Keyan Santang, eta nu disebat
Islam rohmat keur sakabeh alam teh.  Tah, ti samet ayeuna ngaran hidep teh Rohmat Suci. Bral, ayeuna mah gera mulih!

KOOR:

Raden Sagara…..Raden Kean Santang….Syeh Rohmat Suci,
lumampah dibarengan angin gunung ngahiliwir.
ngajajap putra mahkota nu geus nyuprih pangarti.
Pileuleuyan bageur, pileuleuyan….Sapu nyere pegat simpay.
(DIPAPAG UPACARA ADAT)

Saat ini anda sudah membaca tentang Contoh Naskah Drama raden kian santang yang kami berikan diatas, semoga bisa menjadi info bermanfaat ya, dan jangan lupa baca selengkapnya disini untuk Kumpulan Naskah Drama yang lainnya juga.

0 Response to "Contoh Naskah Drama raden kian santang"

Posting Komentar